1. |
||||
tradisi urang, tatanan jadi titipan
warisan urang, linuhung geus jadi hukum
pakean urang, adat eukeur kahirupan
kahirupan urang, saluyu reujeung aturan
saha jalmana nu ngaruksak ka adatna
saha jalmana nu nyisik ka tradisina
saha jalmana nu ingkar kana adatna
saha jalmana nu teu apal ka dirina
lalaki langit, lalanang jagat
nya ieu jalmana
nu bela ka nagarana
lalaki langit lalanang jagat
nya ieu jalmana
nu nyaah kana adatna
eta lampahna nu mumpang
ingkar kana tuturunan
eta lampahna nu ingkar
teu dek ngaraksa titipan
bisi pamali
bisi kasantap
bisi kawalat
bisi kabendon karamat,
Tanya ka papada urang
|
||||
2. |
||||
Tanggal kidang turun kujang
Waktuna urang neangkeun anu lenjang
Mangsa , pakaya hempak asakna
Mangsa, emas ngampar dimamana
Mangsa, suka bungah sadayana
Suka bungah, kolot budak saged siap, mapag nu hayang di hiap
Tanggal kidang turun kujang, Etem tolok teu kalintang
Tudung dudukuy di tantang, tiisuk nepi ka mentrang
Dibuat
Dipanen
Dibeungkeut
Dicangreud, Dilantay tepi ka ngunjal,
Dibuat
Dipanen
Dibeungkeut
Dicangreud, pasti sing saha ge palay
|
||||
3. |
||||
Kula neda di hampura
Ti luhur saujung rambut
Ti handap sausap dampal
Gigirna sagiling gisik
Tengahna semet puseran
Paralun ampun karuhun
Hampura ka indung bapa
Sipat lahir sipat batin teu kakantun
Kula teu ngaboga boga
Masrahkeun kula hirup huripna
Masrahkeun kula sri rajakayana
Hasil makaya usaha
Kula teu ngaboga boga
Neda jembar jeung bungahna
Keur hirup kula sakulawarga
Menta suka jeung bungahna
Kula teu ngaboga boga 2X
|
||||
4. |
||||
Tatanen ti nini aki , Nu jadi tali paranti
Anu ulah dek diganti, bisi kasilih ku junti
Bibit utama ti Sanghyang Sri
Kacang jagong gandrung Haremut Hanjeli
Jadi rencang na si Nyai , Di pelakna ku urang waktu kahiji
Ngaseuk tanda taramna pakaya
Di huma nu pokok anu utama
Ngaseuk taramna pakaya
Melak di sawah jadi anu kadua
Tanda taramna makaya, ningal tanda ti batara
Bentang Kerti ngarana , ulah di tinggal lengkahna
Nyacar huru duruk, nu gede leutik di keruk
Lemah di hudang harana
Ngaseuk ngaseuk lalakina, Melak melak nu istrina
Makaya beres taramna
Tanda taramna makaya, ningal tanda ti batara
Bentang Kidang ngarana, ulah di tinggal tapakna
Nyacar huru duruk, nu gede leutik di keruk
Lemah di hudang harana
Ngaseuk ngaseuk lalakina, Melak melak nu istrina
Ngarawat ngarumat anu utama
|
||||
5. |
||||
6. |
||||
Tumampi ka sanghyang widi
Tumarima kanu kawasa
Nampi Sri anu ngabukti
Nampa pakaya anu geus jadi nyata
Puji sukur ka Hyang Agung
Ku berkahna anu linuhung
Suka bungah jembar manah
Hasil makaya ngaleuyah
Lauk cai lauk darat,
lauk luhur lauk handap
Sayur lembur sakumplitna,
usahakeun salengkepna
Tanda sukur ka gustina , Beas anyar ti pakaya
Rencangna jeung rarambahna, Tanda urang tumarima
Ngabukti reujeung nyatana
Meunang hasil ti pakaya
Sembah sujud ka hyang agung
Ka indung ka para karuhun
|
||||
7. |
efeksamping - Bangklung
06:43
|
hitek lotek Bandung, Indonesia
International producers meet the people of West Java, Indonesia
Streaming and Download help
If you like hitek lotek, you may also like:
Bandcamp Daily your guide to the world of Bandcamp